Wednesday, September 10, 2014

Sasatoan Anu Aya Di Sawah

sampurasun,

Dina carita ayeuna sim kuring arek nginget-nginget kuer leutik di lembur, tepatna di Karawang.
lamun basa usum tandur, biasana kuring sok neangan keong emas jeung parab entog. ari di inget-inget mah keong asli urang sunda teh keong hideung lain keeong emas, yeuh beda :



tingali dina gambar, beda kan keong pribumi sareng keong impor mah. nu jadi pertanyaan ti iraha eta keong emas teh ngajajah keong hideung? mangga tanyakeun ka ki gugel.

ngan sing ati-ati lamun nincak keong emas da cangkangna seukeut kana kulit terus bisa inpeksi lamun teu buru-buru diubaran. naon ari ubarna teh jang? gampil ubarna mah nyaeta:
1. siram nu raheutna ku minyak tanah (hese minyak ayeuna mah).
2. ciduhan ku sorangan (ciduh teh antiseptik alami cenah)
3. pake endogna, muhun PAKE ENDOG KEONG EMAS. carana teangan endogna terus ancurkeun jeung balurkeun kanu raheutna. apal endog keong emas? yeuh gambarna :



sakitu heula ti amang caritana. ke disambung deui. Permios

No comments:

Post a Comment