ayeuna hayu urang ngabahas cacing anu aya di lingkungan abdi basa keur leutik. aya nu jiji ka cacing? alhamdulilllah aya keneh. cacing-cacing nu eksis teh nyaeta:
1. cacing cau
cacing ieu loba manpaatna diantawisna:
1. jadi eupan keur nguseup atawa ngureuk (paporit lauk betrik ieu teh)
2. jadi obat tipes, digaringkeun terus dijieun serbuk, diopi jeung bala-bala.
3. pakan hayam, titit, entog, meri, jeung ikan hias
4. panyubur taneuh alias mitra tani.
2. cacing keremeng
cacing ieu sakilas siga cacing cau, tapi aya beda na lur. ari beda na naon atuh jang? ieu beda na:
a. awakna liat
b. warna na rada semu beureum
kusabab eta, ieu cacing teh jarang dijieun eupan nguseup atawa ngurek da lauk jeung belut teu buekieun. liat cenah siga kurupuk peot hese di teureuyna. tapi mun jadi pakan titik dkk masih keneh paporit.
3. cacing sawah alias cacing ko'ot
cacing ieu ayana pas pare keur maju bareukah sok dijadikeun eupan ngurek belut jeung nguseup beunteur.
cacing ieu kalemahan na teh gampang pegat mun dijadikeun eupan jeung tereh beak mun geus digegelan ku paray teh. matakna kurang cocok mun dijadikeun eupan.
4. cacing emas
ieu cacing hirupna ngagorombol di walungan, cenah na mah cacing ieu teh pakan paling mahal jeung pairaan lauk. tapi ari di karawang mah biasa wae malahan ieu cacing teh teu aya nu neangan.
kusabab cacing teh seueur mangpaatna, hayu urang jaga kalastarian lingkungan ambeh anak incu urang bisa keneh nguseup jeung ngurek make eupan cacing. permios.
No comments:
Post a Comment