hayu urang ngabahas rupi-rupi oray nu kapendak ku sim kuring sawaktos leutik keneh di Karawang, kade dipacok !
1. Oray Kisi
ceuk kolot mah ieu teh uwa na para bangsa oray, naon sababna coba? kusabab ngan oray kisi doang nu wani ngadahar bangsa oray lainna. aduh hilap potona:
oray ieu boga elmu kasaktian lur, tong coba-coba ngheureuyan. ari kasaktianna naon atuh jang? kasaktianna teh hirup deui mun tas digebugan ku paneunggeul ngan saratna mun tas digebugan nepi ka katingali paeh teh terus dikiihan. mun teu percanten mangga cobian !
2. Oray Kadut
ieu oray paling santai sadunya lur, aya dahareun nya dahar, mun teu aya nya neangan. pangareuseupna teh lauk sepat, betrik, bangkok jeung belut leutik. ieu potona:
ngan karunya na oray ieu sok jadi korban oray nu ka hiji, sok ka ureuk ku nu ngurek jeung sok di tewak ku barudak leutik da ngegelna teu karasa.
3. Oray Cabe atawa cacabean
ieu potona lur:
oray cabe mah kaasup oray nu aneh kusabab mun ditingali dikajauhan sirahna aya 2, padahal eta teh buntutna haha (aslina oray ieu buntet). pangaresepna ngadaharan belut buleud-buleud. oray ieu liangna biasan dina kokocoran di galeungan. geus loba nu katipu pas ngureuk disangkana belut padahal oray cacabean.
4. Oray Sapi
Ieu oray galak lur, tong diheurueyan. mun geus ngambek sok ngudag-ngudag. ieu potona:
pangareuseupna ngadaharan bangkong cina jeung lauk betrik, mun keur usum katiga sok ngadaharan beurit sawah alias mitra tani.
5. Oray Karung
Ieu oray nu males kaluar ti cai, cicing weh nungguan lauk ngaliwat. ieu poto na:
kade nu sok kokodok si walungan jeung di sawah, oray ieu sok katewak jeung ngagetkeun, tapi teu ngegel da.
sim kuring mun jalan-jalan ka bandung tepatna payuneun BIP sok sedih kusabab ieu 5 oray teh sok dijualan padahal mah oray-oray ieu teh ngajaga ekosistem sawah ameh saimbang. nanaonan atuh jalma teh ngajualan oray-oray ieu padahal mun ditanya hiji-hiji mah ieu oray teh pasti hayang balik deui ka sawah. "abdi hoyong mulang" ceuk mang ebit g ade mah. mun sapamikiran jeung abdi mangga dikomen tong sieun dipacok. permios.
No comments:
Post a Comment