Thursday, September 11, 2014

Lanjut Ka Bangsa Belut

sampurasun,

ayeuna abi bade nyaritakeun bangsa belut nu kapendak ku sim kuring basa leutik keneh di karawang. basa di lembur keneh mah hobi abi paling paporit teh nyaeta ngureuk belut, tiisuk nepi ka beurang kukurilingan wenh di sawah neangan liang belut, tapi nu jdi aneh abi mah teu resep ngadahar daging belut nepi ka ayeuna oge, ongkek deui-ongkek deui mun ngadahar belut teh. rek di goreng, di pais di angeun nepi ka di beleuleum ge teu hayang. hayu urang bahas bangsa belut:

1. belut sawah




belut ieu cicingna di gagaleung sawah jeung kokocoran. tanaga na kuat pisan mun keur ngureuk meunang belut ieu teh. kandungan giji na pang alusna diantara laut cai nu sejen. sok diobor lamun keur usum datang cai. pangaresepna cacing, bangkong jeung lauk betrik.

2. belut walungan alias oled

Beda na belut sawah jeung oled nyaeta aya di bagian buntutna. ari belut sawah mah buntukna lancip, ari oled mah buntutna jeber da dipake ngojay.




punten gambarna kegedean. oled mah babari diureukan nana da sipat oled mah opertunis, sagala beuki. jadi keur para pengureuk amatir alias pemula mending ngureuk oled heula karek ka belut sawah.

3. Moa



ciri utama belut ieu nyaeta aya ceulian (insang aslina mah). moa teh belut pangkuatna da nyieun liangna sok dibendungan, hasilna bendungan sok bedah da rusak. urang sunda mah sok rada sieun mun ngureuk meunang moa teh da cenah aya jurigan (siga urang jepang) hihihihihi.

4. soleng alias jeler



ieu soleng geu mulai langka di karawang, naon sababna jang? kusabab lingkungan geus kakontaminasi ku obat-obatan kimia. soleng mah bentukna unik da ciri khas na aya irungan. moga-moga anak incu urang bisa keneh ningali ieu soleng ulah ngan saukur carita wungkul.

bangsa belut nu tos dicarioskeun teh boga nilai giji sareng nilai ekonomi nu luhur. giji komplit sareng harga na mahal. coba mun urang sunda bisa manpaatkeun ieu potensi pasti geus palalinter. sugan. permios.

No comments:

Post a Comment