Wednesday, September 10, 2014

Lanjut Ka Bangkong

Sampurasun,

ayaeuna abi bade nyarioskeun perkara bangkong, saingeut abi sawaktos keur mulangkalih, abi nepangan 4 jinis bangkong, nyaeta:
1. Bangkong budug



kade ulah ditewak da cenah mun ci kiih na kana mata matak BUTA (serius ieu mah), trus naon atuh guna sareng faedah na ieu bangkong teh jang? mun dipikir-pikir mah ieu kahebatan na:
a. ngabarantas reungit (paporit dinner cenah).
b. manggil hujan, sigana mah jarang mandi eiu bangkong teh.
c. nyicingan liang nu aya di lingkunganna, kusabab ngajaga eta liang teu dicicingan ku oray taneuh atawa oray welang.

mun diusut-usut mah ieu bangkong teh teu gaduh musuh da kusabab musuhna sieuneun katepaan budugna. amit-amit.

2. Bangkong dingdong


bangkong ieu mah jarang katingali da ayana ge di luhureun tatangkalan. ngan kade ka kiihan ku ieu bangkong sabab bisa BUTA (serius jang), musuhna siga na mah ngan orang koros sareng oray tambang da eta oray teh bisa naek ka tatangkalan.

tah oray korosna neangan opieun.

3. Bangkong cina



mun bangkon ieu mah paporitna para predator sawah, ti mulai lauk gabus, belut, sakabeh oray, manuk, beurit nepi ka jalma pada resep ka ieu bangkong. bangkong ieu seueuer pisan pungsi jeung manpaatna nyaeta:
a. diobor pikeun dijual dijieun swike (omat, nu muslim haram)
b. jadi eupan keur ngurek belut, paling cepet disantok ku belut mun eupan na bangkong cina ieu (ngan inget oray ge reuseupeun)
c. ngabarantas hama pare alias mitra tani.
d. eupan keur neger gabus, paling paporit pisan (ngan ngala bangkong na siga nu keur marathon)
e. parab manuk sapartos nu ngingu manuk belekok jeung hahayaman.

ku sabab ieu bangkong seueur pisan paminatna, maka geus jadi kawajiban urang salaku khalipah di ieu dunya pikeun ngajaga ieu sato ameh teu punah. omat!

4. bangkong bancet



ieu bangkong rada aneh lur, icing di sawah tapi teu aya nu daekeun ngadahar. terus kunaon teu daekeun atuh? ieu alesanna:
a. daging na liat, sanajan penulis can pernah ngasaan.
b. kulitna leueur siga leupeut nu geus basi. pantes teu aya nu resepeun ka ieu mahluk
c. ngondang hujan. sok icing sore-sore di sisi sawah, pasti rame sora bangkong ngadu'a menta hujan

tah eta bangkong-bangkong anu pernah kaalaman ku pribados sawaktu aya di karawang. hayang bade ditambahan, dikomen atawa di kiritik pedah teu aya sambel sareng lalapan na, mangga. hatur nuhun permios.

No comments:

Post a Comment