Tuesday, September 16, 2014

Lanjut Ka Manuk

Sampurasun,

ayeuna hayu urang ngobrolkeun mamanukan anu aya di sawah. sabasa keur leutik keneh mah abdi teh paling reuseup mun keur jaman sawah maju bareukah. pas sawah beukah mah bisa ngureuk beulut, nguseup lauk sareng hiji deui morogan manuk di sawah.

alat paranti nangkep manuk teh arana porog mun di karawang mah, biasa dijieun tina tangkal ampel hejo. bentukna siga kurung hayam ngan ukuranna leutik.



inget, ukuranna leutik teu siga nu di gambar.

manuk nu biasana di porogan teh nyaeta:

1. Manuk tiktrik



Manuk ieu sayangna dina dapuran pare, endogna biasana 3 siki, jarang aya nu 4 siki. kahebatan na ieu manuk, dina 3 siki endogna teh rasio jalu bikang jeung jalu na teh 2:1, bikangna 2, jalu na 1.
pangareuseupna ngadaharan hileud pare, bungbang jeung lamat lancah nu aya di sawah. ieu manuk kaasup mitra tani.



2. Manuk hahayaman



manuk ieu ciri-cirina buluna hideung, sukuna panjang kabuekina lauk jeung bangkong. kahebatan manuk ieu nyaeta anak manuk ieu bisa langsung lulumpatan padahal kakarek netes ti endogna. langsung bisa neangan dahar sorangan deui, daging manuk ieu ngeunah lur, pun ibu ge reuseup nuang ieu daging manuk.

3. Manuk Beker



Manuk ieu resepna lauk jeung bangkong, mun sakali ngendog teh bisa nepi ka 9 siki endogna. rasa dagingna rada bau tibatan manuk hahayaman.

4. Manuk Beureum Panon



Manuk ieu siga manuk beker, ngan awakna rada leutik. aya mitos keur manuk ieu mah nyaeta mun di rewak tong deukeut teuing kana panaon bisi di pacok da disangka lauk panon urang teh.

5. Manuk Pi'it

manuk ieu loba jinisna lur, hayu urang jabarkeun hiji-hiji:
a. Bondol haji



ieu manuk musuh pak tani, sakali datang ngabeakeun pare nu keur meujuehna rareunueh. biasana nyayang di tengah kotakan.

b. Manuk Peking



ieu manuk dadana tarotolan, sesana sarua jeung bondol haji.

c. Manuk Pi'it



Sarua jeung dulurna nu diluhur.

6. Manuk Belekok



Manuk ieu nyayangna di tatangkalan nu luhur, jadi rada hese newakna. pangareuseupna lauk jeung bangkong. manuk ieu bisa di ingu ti leuleutik keneh jeung nurut mun geus gede teh ka tuan na.

7. Manuk kuntul



manuk ieu sok aya mun keur usum ngaluku jeung tandur. manuk ieu mah sok migrasi neangan sawah nu keur tandur da pangareuseupna jangkrik, ga'ang, lauk jeung bangkong. loba jalma nu sok newakan ieu manuk, carana diuseupan.

tah eta bangsa manuk ka pendak ku abdi sawaktos murangkalih keneh di karawang. eta sakabeh manuk teh tos langka ayeuna mah kusabab penggunaan obat semprot jeung obat cair keur pare. mudah-mudahan anak incu urang bisa ningali keneh ieu sato ke pas ka karawang. hatur nuhun. permios

No comments:

Post a Comment