Thursday, September 18, 2014

Lanjut Ka Lauk - Bagian 2

13. Bobosok



Lauk ieu disebut oge gabus males, naha kitu? kusabab lauk ieu mah jarang gerak. mun nu nguseup meunang ieu lauk hese diangkatna da kusabab pas ditarik sungutna muka jadi beurat ku cai narikna. tap sanajan males ieu lauk nilai giji na luhur pisan, malahan garga na nelehkeun harga simeut sabotol.

14. Hurang


ieu sabenerna lain lauk, ngan kusabab sok ulin jeung lauk dihijikeun weh ku kuring dina golongan ieu. geus teu kudu ditanya deui manpaat ieu sato, rasa sae, harga oke. jeung deui sok dijieun eupan nguseup

15. Jambal/Patin



ieu lauk bisa hirup di cai asin, tapi mun di angeun mah anggeur weh paeh. sok aya ditukang pecel lele. basa penulis jalan-jalan dinas ka Jambi, disuguhana pindang patin ieu aduh nikmatna. cobaan geura.

16. Sasapuan



Kuring teh rada aneh ka ieu lauk, mahluk pribumi atawa pendatang da samet kuring umur 6 taunan mah ieu lauk teh teu aya, tapi naha ayeuna asa jadi raja ieu lauk teh. rasia ieu lauk bisa naek pangkat teh nyaeta ku gaya hidupna nu sederhana, dahar sa'ayana jeung bisa cicing dimana wae. duka tah, ieu lauk sakola dimana nepi ka hebat kieu.

sakie heula nyarioskeun lauk. ke dilajeungkeun deui ka bahasan sasatoan nu lainna. mun hoyong nambahan mangga, tong isin-isin da urang sunda mah saestuna tong isinan. hatur nuhun. permios.

Wednesday, September 17, 2014

Lanjut Ka Lauk - Bagian 1

sampurasun,

alhamdulillah ayeuna urang geus nincak ka postingan anu ka-7 nyaeta nyarioskeun rupa-rupa bangsa lauk anu kungsi kapendak ku penulis basa keur mulangkalih keneh di karawang. mun nyarioskeun bangsa lauk mah moal aya seepna, naha kitu jang? kusabab bangsa lauk mah pangrea nu mahluk nu aya di alam dunya. naon buktina atuh? tuh tingali lauk nua aya di laut najan dijaring, dijala, diuseup jeung dibom oge teuteup weh teu seep-seep nepi ka ayeuna. leres?

basa penulis keur mulankalih keneh, seueur lauk anu kungsi kapendak tur katewak ku penulis, mulai ti lauk onyong-onyong nepi ka lauk bobosok. hayu atuh urang pedarkeun bangsa lauk eta ameh jadi catetan keur anak incu urang bisi hiji mangsa eta bangsa lauk teh tos almarhum.

1.   Onyong-onyong

Punten pisan kasadayana, saparantos penulis ngubek-ngubek ki gugel, ieu gambar lauk teh teu kapendak, sigana mah ieu lauk tehus langka ngan aya di karawang hungkul. lauk ieu sok aya di walungan pangareuseupna lamat lancah nu deukeut ka cai. mudah-mudahan ieu lauk aya keneh nepi ka anak incu urang lahir.

2.   Sepat jeung sepat siem



Gambar 1 sepat, gambar 2 sepat siem

Lauk ieu seueur pisan di karawang, sok jadi parab manuk jeung parab lauk gabus. bentukna aya nu polos (jiga gambar 1) jeung aya nu tarotolan (gambar 2) nu awakna rada gede mah sok di jadikeun lauk asin, nami na asin sepat nu gurih tea.

3.   Betrik jeung betok


Hasil gambar untuk ikan betok

ieu lauk mun diibaratkeun manusa mah kaasup kana golongan tentara. teu sieun gelut, teu sieun ka anak oray jeung deui galak mun di pancing teh. lauk ieu salah sahiji lauk paporit penulis lur, keur mulangkalih keneh mah sok disintrenan (diuseupan) bareng jeung babaturan. hasilna teh di de'eng nepi ka garing terus di goreng, disajikeun jeung sambel tarasi lalapna kembang turi. ponyo pisan harita teh.

4.   Bayung --> Boncelit--> Boncel --> Kokocolan --> Gabus



Gambar 1, eta teh bayong. gambar 2 eta teh gabus

Lauk ieu lamun siga manusa mah pangkatna jendral. galak, sadis jeung kanibal. panagreuseupna ngadaharan lauk leutik jeung bangkong. cara nguseupna nyaeta ku teger atawa dudul da lauk ieu mah galak sok nyantok bangkong nu keur ngojay. saukur inpo, asin gabus hargana leuwih mahal tibatan daging hayam da emang rasana ieu asin teh nikmat pisan.

5.   Lele





ieu lauk teh paporitna urang indonesia, tingali sisian jalan pasti seueur pisan nu ngajual pecel lele. salain hargana nu murah, kandungan giji na oge kaasup luhur. ngan hanjakalna lur, ieu lauk teh diingu na dina balong, tah di balong eta teh sok dipasangan paricingan alias jamban. terus pungsina keur naon eta paricingan teh jang? nya keur nyalurkeun nu keur kabeuratan. sareng dijadikeun pakan tambahana si eta lele.

inpo lainnya lur, kade mun kapatil lele da patilna aya peurahan. mun kapatil lele bisa pingsan mun acan dahar 3 poe mah. matakna ge sing ati-ati mun newak ieu lauk.

6.   Jaer

Lauk ieu mah jagoan, sanjan cai kiruh oge tetep kuat teu nembongan. lauk ieu sok ngahiji jeung lauk emas, ngan emang dagingna rada ipis beda jeung lauk emas. harga na oge murah lauk ieu mah.




7.   Tawes





Lauk ieu loba tulangan jeung ipis deui, sok aya di walungan atawa bendungan, lamun cai keur kiruh lauk ieu sok nembongan ka luhur da teu bisa eungapan.

8.   Lundu --> keting


Lauk ieu aya racunan dina papatilna. karesepna icing di hareupeun bendungan jeung walungan anu caina kenceng. basa keur di karawang, penulis sok nguseup ieu lauk tapi pancingan na rada khusus da kudu pake babandul biasana tina timah babandulna teh. mun lauk ieu nayanggut rasana teh siga nu di setrum da sok karasa kekerenyedan kana leunguen.

9.   Paray --> Beunteur



Lauk ieu rame pas usum sawah bareukah, naraek ka sawah rek endogan. lauk ieu teh jadi musuh ka nu nguseup, naon sababna jang? kusabab mun keur nguseup uepan na sok beak ku ieu lauk, sigana mah cacing eupan na teh diciwitan da asa teu karasa ku nu nguseup teh gerakan nana.

10. Cupang



ieu lauk nu sok aya di sawah atawa wlungan anu de'et, sok ngakanan cacing emas jeung utek-utek. warna sisitna nu alus ngajadikeun ieu lauk naek pangkat tina rakyat jadi priyayi. tapi konsekuensina abot pisan,  saentas naek pangkat hirupna ieu lauk jadi karunya da sok diadu-adukeun ku anu boga na.

11. Serewet



ieu lauk awakna leutik jeung hese ditewakna da leueur. hirupna di leutak anu jero. pangareuseupna ngadaharan cacing emas. musuhna teh lauk betrik jeung anak gabus.

loba keneh bangsa lauk ku rek dipedarkeun, ayeuna ngan nepi ka no 11 heula ah da penulis kaburu males. mangga diantos responna, sugan weh aya nu bade nambihan. hatur nuhun.